Lompat ke konten Lompat ke sidebar Lompat ke footer

Widget Atas Posting

Musim tanam jaman kiwari

Oleh: Hasan Sidik

Studi Komparatif bla.. bla.. bla.. (kawas judul skripsi)

Cuaca teh kiwari mah hese diprediksina. Unpredictable. Mun ngudag kana kabiasaan, ceuk kolot lamun bulan Maret teh ret we usum hujan teh. Raat. 

Datang disusul ku usum halodo. Tapi ayeuna? Teu bisa dikira-kira. Teu kabaca.

Pikeun patani, hujan jeung halodo mangrupakeun faktor penting dina pepelakan, boh fase pertumbuhan (vegetatif) atawa fase produksi.

Dina fase pertumbuhan, komo bibitna ngora jeung leuleus, atuh kageyer hujan teh matak sing gulipak. 

Komo hujan peuting teu eureun-eureun mah. Bisa kaserang pithium. Tatalieun ceuk urang lembur mah.

Dina fase produksi, atuh kembang pepelakan teh marurag. Acan deuih kadar Nitrogen tinggi tina cai hujan, matak buruk kana daun. 

Siklus alam samodel kitu, ku kuring kaalaman. Dina waktu harita, kuring tos melak cabe 4 kali. Di lokasi beda-beda, populasi jeung perlakuan anu beda.

Tina melak nu kahiji, kadua, jeung katilu, dinu kaopat kuring meunang elmu. 

Mikir bari jeung riset. Ngandelkeun teori mah ripuh, Wa. Matak mending nyobaan, sing loba. 

Hasilna, aya perubahan, boh dina tangkal, pertumbuhan, jeung sajabana.

Basa melak dinu kahiji, ungal isuk hantem nyayuman. Saisuk teh minimal 100 tangkal. 

Mineng hayang ceurik. Haha. 

Dinu kadua oge kitu. Dinu katilu kuring ngulik. Dinu kaopat ampir sampurna. Nu dirasa can sampurna teh lebah ngolah taneuh. Pupuk dasar can weweg.

Dinu pepelakan kaopat, alhamdulillah, pepelakan teh mulus. Jadina aralus.
Karak saisuk aya nu paeh teh, eta ge ngan satangkal. Padahal, jang ngayuman tos nyadiakeun 400 tangkal. 

Tina 4 kali melak, kuring meureut pangalaman kana sababaraha poin, kahiji, pilih binih anu alus. Anu F1, hibrid. Rada mahal memang. Komo binih cabe mah sabungkusna 120 nepi 200 rebuan.

Kadua, nyemai atawa ngipuk sing bener. Teangan taneuh steril, mun bisa ngukuy handapeun tangkal awi. 

Campuran ku sekam anu steril, meunang meuleum. Campuran tai domba nu tos ngeprul. 

Pas nyecebkeun siki, tong jero teuing. Tulis titi mangsa ngipukna, ameh puguh ngitung pertumbuhanana. 

Binih anu diipuk, oge bibit anu dipelak jadi konci pikeun suksesna pepelakan. 

Lamun bibitna geus goreng, tangtu pertumbuhana oge ririwit. Hese dipiarana. 

Terus lamun ngipuk, itung sabaraha tangkal. Tambahan populasina tina jatah melak. Jang cadangan, ngayuman. Eta mah rek 10 atawa 20 %.

Katilu, ngolah taneuh. Taneuh atawa media tanam mangrupakeun konci penting. 

Sakumaha alusna bibit, dipelak na taneuh goreng mah moal jadi. Dina jadina oge moal maksimal. 

Soal taneuh, lamun ngukur kana adat urang lembur, taneuh teh aya taneuh weuteuh, aya oge taneuh urut. 

Nu disebut taneuh weuteuh nyaeta taneuh urut melak pare. Eta alus. Hara urut tangkal pare alus. Aya kadar N nan keneh.

Eta taneuh dipacul, dilemeskeun, dibersihan. Gulma-gulma dicokotan. 

Terus diamparan pupuk kandang/kompos. Bisa dicampur ku tai hayam anu aya sekaman. 

Meh teu padet taneuhna. Terus disiram ku nutrisi anu matak ngaktifkeun unsur hara taneuh.

Bersambung heula nya.......

Posting Komentar untuk "Musim tanam jaman kiwari"